jump to navigation

AMANAT PRABU SILIWANGI April 2, 2011

Posted by silatpadjadjaran in Adab Budaya.
trackback

AMANAT PRABU SILIWANGI

Hei..rahayat Sunda, iyeu kula datang, rek neupikeun hiji pamenta kula ka arandika…..kula hayang nenjo sunda ngahiji dina lampah jeung paripolah, sadogdog saigeul sapihadean, kacai jadi saleuwi kadarat jadi salogak (kacai keur susuci kadarat keur ibadah)
Hiji amanat kula sing inget jeung kade poho, “PAKUSARAKAN”, ulah paaing-aing, asa aing pang jayana asa aing pang kakoncarana, asa aing pang akangna, arandika salaku urang sunda hirup teh kudu silih mawangi, ulah julid ati
Rahayat sunda sakabeh, sadaya seuweu putu SILIWANGI boh nu di priangan, nu di cirebon, nu di banten oge seuweu putu sadaya anu aya dibuana pancatengah..kula mihape kade pisan ulah silih pagetreng jeung sasama putu SILIWANGI, hade goreng masih dulur sorangan, mun salah ganjang omean mun bener geuwat tutuekeun, Kade ulah jadi putu SILIWANGI anu munafek, pohon kalembur matuh banjar karang pamidangan, poho kageulung kade yeuhh arandika sing inget timana keur dimana jeugn rek kamana
Nitip kula nagri sunda anu endah…

Komentar»

No comments yet — be the first.

Tinggalkan komentar